Ti baheula mula, tug nepi ka kiwari, dongéng atawa carita nu ngandung unsur humor, nu lucu pikaseurieun, teu weléh pada mikaresep, boh ku kolot, boh ku budak. Ampir unggal bangsa jeung sélér bangsa, papada ngabogaan pepentol-pepentol carita humor nu dipikawanoh ku saban generasi. Saperti Baron von Munchaussen (Jérman), Nasaruddin Hoja (Timur Tengah, Balkan, Yunani), Abu Nawas (Irak), Juha (Saudi Arabia), Si Kabayan (Sunda), Man Doblang (Jawa Tengah), Pan Balang Tamak (Bali), Lebai Malang (Malayu), jrrd. Carita-carita samodél kitu, ku sim kuring dicoba diréka diraéh, sangkan luyu jeung alam pikiran barudak nu keur sumedeng mekar fantasina. Tapi sanajan ancoan budak, teu ngandung harti sangkan kolot ulah kataji. Bungah pisan malah, upama ieu carita aancoan barudak téh, kalandep ku saréréa.