Cunduk kana waktu, brol Lembu Wulung ngajuru Orokna manusa. Awéwé. Mulus pakulitanana, geulis rurupaanana. Moncorong cahayaan kawas bulan opat belas. Ku kituna, orok téh dingaranan baé Nyi Kalimar Bulan. Ayeuna mah Lembu Wulung henteu ngarasa keueung teuing. Boga batur ulin, orok cooeun. Boga batur ngomong. Saban isuk, Nyi Kalimar Bulan diajak hao hakeng. Beuki lila beuki béntés. Nepi ka bisa cacarita maké basa manusa biasa. Umur sataun téh, pangawakan Nyi Kalimar Bulan teu béda ti jalma umur dua belas taun. Pikeun tempat padumukan, Lembu Wulung ngahaja dakar-deker nyieun saung. Wedel pisan. Maké tihang kai balokan. Pantona papan bahbir kararandel. Unggal poé, upama Lembu Wulung indit nyiar dahareun, Kalimar Bulan disina ningkreb di jero. Panto saung sina ditulakan pageuh pisan. Teu meunang sagawayah dibuka, kajaba lamun indungna datang bari ngagero ku hariring: “Nyi Kalimar, Nyi Kalimar ieu ema enggeus datang geura buka tulak panto babawaan geura boro”.