Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun. Caraneom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Rea dongengna Legok Kiara teh. Cenah nu ngalanto ka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak ulin ka Legok Kiara, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Hiji mangsa, basa keur milu moro beurit, Emod jeung Si Sadun ulinna kamalinaan. Teu engeuh geuning maranéhna teh sasab ka Legok Kiara. Tempat nu kacaturkeun sanget tea. Naha aya naon di Legok Kiara teh? Kumaha nasib Emod jeung Si Sadun?